BIOGRAFI BAPA ( AYAH )
Bapa abdi namina Abdul rosad, bapa teh anak bungsu anu migaduh opat lanceuk. Sanajan gaduh lanceuk opat oge, bapa abdi ngan ukur caket teh kanu lanceukna anu ka opat anu ayena eta lanceuk nateh netep di bekasi.
Sabasa bapa abdi masih letik, eta masa masa kehidupan bapa anu pang paitna. jadi anak bungsu teh te saendah anu di pikiran jalma loba. Anu kuduna jadi anak anu pang di dedeuh na ku anu jadi kolot, bapa abdi mah malah anu paling di nyerikeun jeng anu paling di laden.
Tapi ku lantaran di nyenyeri ku anu jadi kolot ngajadiken bapa abdi jalma anu kuat jeng jadi jalma anu ngabereken manpaat pikeun jalma sejen.
Basa bapa abdi masih sakola mah te pati beda juga barudak lalaki zaman ayeuna anu balangor jeung tukang bolos.
Tapi, sanajan masa lalu anu jadi jalma bangor. pas bapa nikah jeng mamah Kuring terus miboga anak mah eta kabeh teh berubah pisan.
Bapa jadi kepala kaluarga anu tanggung jawab pikeun kalurgana, Sagala pagawean di gaweken ku bapa abdi anu penting halal jeung bisa merekeun nafkah ka anu jadi anak jeung istri teh.
Usaha te pernah ngahianatken kana hasil, ayena bapa abdi migaduh kebon jeruk sareng sawah sorangan ti hasil usahana mang taun taun. Anu baheula di mata jalma sejen teh jalma bangor, ayeuna bisa ngarubah pandangan batur ku usahana. Di bere kepercayaan jadi pemimpin mung saukur jadi RW oge.
Bapa mere abdi hiji pangajaran, nyaeta urang teh kudu jadi jalma anu bisa mere mangpaat pikeun jalma rea. Jadi jalma anu selalu berusaha jeng pantang nyerah ka cobaan. Bapa, salah saurang panutan abdi ku sipat na anu pantang nyerah eta.
Komentar
Posting Komentar